Rabu, 18 Juni 2014

Kenangan Lama

hai semuaaaaaa. tadi kan saya iseng iseng buka laptop, terus buka buka bagian document. terus saya liat ada tugas bahasa sunda saya semasa sma. bahasanya lucu banget. masih pakai bahasa sunda yang baku. mau liat? penasaran? ini dia



Poe eta, abdi mimiti asup ka kelas ipa 2 di sma 7 Bandung. Awalna abdi sieun lantaran abdi anyar keneh, sarta henteu ngarti basa wewengkan di dieu. Isuk- isuk eta, abdi datang ka sakola dianter ku indung abdi. Abdi asup ka kelas tuluy diuk di hareup deukeut lawang pantu. Waktu eta abdi ngan cicing wae di kelas. Tuluy , loba rencang rencang anu ngajak abdi kenalan.
Tuluy sanggeus wali kelasna datang, abdi ngawanohkeun diri di hareup kelas. Sanggeus eta, abdi cicing wae di kelas nepi ka waktuna balik sakola.
Dina poe kadua, abdi diuk kalayan Tiara, tapi abdi masih cicing wae lantaran masih tacan wawuh jeung rencang hiji kelas. Dina pamustunganana, abdi usaha ambeh abdi bisa miboga rencang di dieu. Sarta abdi harap rencang rencang bisa narima abdi.
Teu karasa atos tiluminggu abdi sakola di sman 7 Bandung, abdi ngarasa betah, lantaran loba rerencangan anu ngajak ngobrol. Abdi oge osuk hereui sareng anu laenna.
Pas poe Jumat kamari, tepatna pas istirahat abdi sareng babaturan abdi papotoan di kelas, rame pisan
“ din... din... hayu urang poto “, saur abdi sabari rada ngajorook.
“hayuu... hayuu.. ajak nu laen oge”. Saur Dinda
“hayu aaaaahhhh “ saur abdi sabari ngagayo.

Saatos poppotoan abdi sareng nu lainna jajan kakantin. Di kantin, abdi mesen gorengan sareng minuman. Saatos kitu, abdi kakelas deui da sieun aya guru. Pas ka kelas teh ternyata guruna ican aya, nya entos weh abdi sareng nu sanes balik deui ka kantin.
Kadenge bel tos disada tandana pelajaran tos selesai. Abdi geura – geura ngabetesan buku tuluy uih.
Lantaran bumi abdi caket, abdi uihna mapah. Sateu acanna uih abdi jajan hela, mesen cilok di harepan sakola
“mang... mesen cilok tilurebuen” saur abdi
“oh nuhun neng, ke antosannya” saur emangna
“oh mangga mang”

Saatos mesen cilok, abdi langsung uih, da sieun diseselan ku teteh. Saatos dugi ka bumi, abdi langsung ngaemam cilok. Teukarasa cilok anu abdi emam atos seep deui.
Tuluy abdi asa tundug teu lila-lia abdi nundutan tuluy tekarosa kabobosan weh akhirna. Gugah – gugah teh jam 5 sore.



inti dari cerita diatas itu saya menceritakan tentang pengalaman pertama kali pindah sekolah ke bandung hahaha. makasih udah bacaaa :)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar